Sabtu, 09 Juni 2018

Sajak

Hai teman, sekarang saya menulis artikel mengenai salah satu pelajaran basa Sunda yang dipelajari di sekolah yaitu Sajak.
Semoga bermanfaat

Sajak teh salah sahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu (pati) kaugeur ku patokan wangunan. Kulantaran kitu, dina mangsa awal gelarna sok disebut sajak bebas. Kecap-kecap dina sajak murwakanti tur ngeusi ku makna,  nu mangrupa ebrehan pangrasa, pikiran, jeung imajinasi hiji jalma.

☺️Ciri-ciri Sajak
a. Dina sajak aya konsentrasi (museur) atawa madetkeun sagala unsur kakuatan basa ;
b. Susunan basana purwakanti ;
c.Sajak mangrupa ebrehan pikiran jeung panrasa nu nyieun sajak dumasar kana pengalaman jeung sikapna imajinatif ;
d. Basa nudigunakeun sifatna konotatif ;
e. Sajak diwangun ku struktur pisik (tipografi, gaya basa, diksi, jeung purwakanti) sarta struktur batin (makna tema sajak).

☺️Unsur-unsur Sajak
1) Tema (sense)
2) Amanat (intention)
3) Suasana
4) Rasa (feeling)
5) Nada (tone)

☺️Samemeh tret nulis sajak, aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun diantarana :
1. Imaji nyaeta gambaran anu karasa, kadenge, katenjo anu rek diebrehkeun dina sajak.
2. Simbol atawa perlambang teh patalina jeung pilihan kecap (diksi)
3. Wirahma, aya patalina jeung pilihan kecap (diksi)
4. Jejer atawa tema mangrupa inti dina isi sajak.
5. Suasana nyaeta anu karasa sabada maca sajak
6. Gaya basa, patalina jeung basa anu digunakeun ku salah saurang panyajak

☺️Aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun upama urang maca sajak diharepeun balarea diantarana :
1. Lenyeupan, urang kudu bisa ngalenyepan heula kana eusi sajak
2. Vokal, patalina jeung sora
3. Nada jeung rasa, patalina jeung sikeup dina nepikeun eta sajak
4. Wirahma, anca gancangna dina maca sajak
5. Ekspresi, ebrehan jiwa anu diantarana katembong secara fisik dina paroman (mimik) jeung pasang peta (gestur)

☺️Conto Sajak

*Bentang di Langit Hideung*

Mangrebu-rebu bentang rapang
Maturan bulan nu sorangan
Tina keueungna langit hideung

Mangrebu-rebu bentang ting kariceup
Ngahias langit nu hideung
Nyaangan langit nu poek

Ayana bentang numaturan bulan
Ngajadikeun langit hideung leuwih endah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar